Kamis, 13 Maret 2014

wawancara bahasa sunda


SMPN 51 BANDUNG
NARASUMBER : Bapak Aming (TUKANG BASO)
TEMPAT      : JLN.KEBON JERUK 1 RT 02/07
Dewi : Assalamu’alaikum pak , abdi Dewi siswi ti Smpn 51 bade nyungkeun waktosna bade ngawawancara bapak dina icalan baso, tiasa teu pa?
Pak Aming : oh enya neng mangga
Dewi : bapak atos sabaraha lami icalan baso ?
Pak Aming : Alhamdulillah neng tos aya 3 taunna neng
Dewi : biasana icalan dimana wae pak ?
Pak Aming : nya kieu weh neng bapak mah kukuliringan
Dewi : bapa icalan ti tabuh baraha nepi ka tabuh baraha pak ?
Pak Aming : bapak icalan ti tabuh 2 neng, beres na kadang nepi ka sonten atanapi wengi.
Dewi : saha wae anu ngabantosanna bapak dina icalan baso teh ?
Pak Aming : bapak dibantosan ku pun istri neng , kadang mun barudak riren sakola na ku barudak di bantosan.
Dewi : bapa kagungan putra atanapi putri sabaraha pak ?
Pak Aming : aya 3 neng sadayana masih sarakola , aya nu SMP dua , nu SMA hiji neng
Dewi : pami panghasilan sapopoe kenging baraha pak ?
Pak Aming : ah teu netep neng , kadang ageung kadang alit da namina ge dagang neng mimilikan ,
Dewi: oh kitu pak, naha bapak beut icalan baso? Naha teu icalan nu sanes pak?
Pak Aming: sabab , baso teh kadaharan anu loba di teang .
Dewi : oh muhun pak, abdi bade naros baso bapak , di damelna dinu daging naon pak ?
Pak Aming : dinu daging hayam neng,
Dewi :  bapak teu nganggo bahan-bahan nu bahaya ?
Pak Aming : alhamdullilah neng , di baheula ge bapak mah teu ngangge bahan-bahan bahaya.
Dewi: oh kitu nya pak. bapak hatur nuhun nya kanu waktosnaa mugi cing enggal pajeng icalan baso na ,
Pak Aming : sami sami neng sawangsulna ,
Dewi : assalamualaikum pak
Pak Aming : waalaikumsalam

4 komentar:

miftah mengatakan...

cara buat blog kaya gini gimana?

Kelvin mengatakan...

Your inspiretion it's good
I very like that.And me very rightfully proud become national INDONESIA....📚📓📑📕📒📔

Unknown mengatakan...

Ko cuma sedikit tApi bagus

Deni Saputra mengatakan...

Makasih Sangat membantu !!

Posting Komentar

By :
Free Blog Templates