Minggu, 09 Maret 2014

Wawancara sunda


Dinten : sabtu
Kaping : 16 februari 2013
Pukul : 10.00
Tempat : jln.kebon jeruk 3
Narasumber : mang adi saprudin (mang udin )

Selvi : “asalamualaikum mang ?”
Mang udin : “waalaikumsallam neng,bade aya naon neng ?”
Selvi : “kieu mang abdi bade nyungkeun waktosna emang kanggo wawancara,abdi gaduh tugas ti sakola yen kudu ngawawancara salah sahiji padagang”
Mang udin : “oh,mangga neng teu sawios ,hayu atuh ka lebet ka bumi emang”
Selvi :”muhun mang”
Mang udin : “mangga neng,sok calik”
Selvi :”ayeuna urang kawitan nya,emang kawih timana?”
Mang udin : “emang kawih mah ti garut neng,ngan tos lami aya kana 3 taun netep di dieu”
Selvi : “ari emang tinggal sareng saha ?”
Mang udin : “ emang cicing sareng pun istri sareng 3 putra putri”
Selvi : “emang ti iraha icalan siomay teh ?”
Mang udin : “atos aya 3 taunan neng,ti saprak ngalih kadieu neng”
Selvi : “tabuh baraha mang ngawitan icalan teh ?”
Mang uding : “emang icalan ti tabuh 11 neng dugi ka tabuh 5 sonten nan neng “
Selvi : “Mang sok kengeng bati sabaraha tina icalan siomay teh ?”
 Mang udin : “ah teu tangtos neng,namina ge jalmi icalan mah teu tangtu,aya nuju ageng aya nuju alit neng”
Selvi :” kira-kira sabarha penghasilan sehari-harina ?”
Mang udin : “alhamdulilah aya kanu 150 rebu neng,kadang mun teu seep mah paling ngan 100 rebu neng”
Selvi : “dimana wae mang tempat icalan teh ?”
Mang udin : “mang biasa icalan di derwati terus mun atos rada sonten pindah nguliling komplek neng”
Selvi : “oh muhun kitu mang “
Mang udin : “muhun neng “
Selvi : “mang hatur nuhun kana waktosna mugi-mugi icalanna cing pajeung wae,mang ku abdi di do’akeun nya”
Mang udin :”oh nya neng amin,sami-sami neng”
Selvi : “assalamualaikum mang”
Mang udin : “waalaikumsalam neng” 

0 komentar:

Posting Komentar

By :
Free Blog Templates